1 Korinta 6
Lamun aya urang Kristen cekcok jeung urang Kristen deui, naha make kudu diadukeun ka hakim anu lain umat Allah, lain sina diuruskeun ku sasama umat Allah?
Naha tacan tarerang umat Allah bakal nimbang perkara ieu dunya? Ku sabab bakal nimbang perkara ieu dunya, naha make teu sanggup nguruskeun perkara-perkara anu teu pira?
Naha tacan tarerang urang engke bakal nimbang perkara malaikat-malaikat? Komo deui tangtu bisa nguruskeun perkara-perkara dina kahirupan sapopoe.
Upama aya perkara-perkara saperti kitu, naha make sina diuruskeun ku jelema anu sama sakali teu aya patalina jeung jamaah?
Ngerakeun! Sahenteuna di aranjeun tangtu aya saurang-urangeun anu bijaksana, anu bisa ngabeberes pacekcokan antara sasama Kristen!
Ulah sabalikna, urang Kristen ngadakwa urang Kristen deui ka pihak nu lain Kristen!
Cekcok jeung papada aranjeun keneh ge geus nyirikeun yen aranjeun gagal. Lain leuwih hade aranjeun sorangan anu disalahkeun atawa anu dirugikeun ku batur?
Sabalikna, aranjeun malah silih salahkeun sarta silih rugikeun jeung pada batur, malah jeung dulur-dulur sorangan!
Sageuy aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. Ulah ngabobodo maneh. Jelema anu ingkar tina susila, atawa anu nyembah ka brahala, atawa anu jinah, atawa lalaki sapatemon jeung lalaki deui,
atawa anu maling, atawa anu hawek, atawa bangsat — moal jadi umat Karajaan Allah.
Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.
Aya anu ngomong, "Kuring rek kitu rek kieu ge meunang." Memang, tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun aya mangpa’atna. Sim kuring oge bisa ngomong kitu, rek kitu rek kieu meunang, tapi sim kuring mah embung dibudakkeun ku naon oge.
Aya anu ngomong, "Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun." Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.
Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.
Aranjeun tarerang, raga urang teh jadi bagian anggahota tina salira Kristus. Wenang sim kuring make salah sahiji anggahota salira-Na, dipake sapatemon jeung awewe palacuran? Paliyas!
Atawa bisi aranjeun tacan tarerang, lalaki anu sapatemon jeung awewe palacuran teh badanna jadi hiji jeung awewena. Hal ieu eces diterangkeunana dina Kitab Suci, "Duanana jadi sadaging."
Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.
Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.
Aranjeun kudu tarerang, raga aranjeun teh tempat tinggalna Roh Suci, Roh paparin ti Allah, dilinggihkeun di jero diri aranjeun. Diri aranjeun lain boga aranjeun, tapi kagungan Allah.
Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh, dibayarna lunas, anu matak raga aranjeun kudu dipake ngamulyakeun Allah.